Biantara ( Pidato)

Urang tangtu geus teu bireuk deui saupama ngadangu kecap pidato atawa biantara, lian ti di SMP keneh pangajan pidato teh geus ditepikeun. Pidato atawa biantara teh dina kahirupan sapopoe oge mindeng kapanggih salah sahijina saban poe Senen dina upacara bendera, urang sok ngadangu bapa atawa ibu guru pidato merepangarahan. Tapi sanajan kitu taya salahna saupama disabit-sabit deui nu kumaha ari nu disebut biantara teh.
Pidato atawa biantara nya eta cacarita dihareupeun jalma rea, demi anu jadi tujuan nya eta pikeun mere informasi, nimbulkeun sumanget/mancing emosi jalma rea, demi anu jadi tujuanana nya eta ka sakur-sakur jalma anu jadi pangregepna.
Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun atawa disiapkeun saupama urang rek pidato atawa biantara, diantarana nya eta:
a. Nangtukeun maksud jeung topik biantara. Topik jeung tujuan biantara teh lian ti kudu disusun kalawan jelas ohe kudu merhatikeun tanggapan naon nu dipikahayang ku pangregep. Topik anu dipilih alusna mah anu geus dipikawanoh ku nu ngadangukeunana nepika teu merlukeun waktu nu lila pikeun ngabahasna ulah ngaleuwihan kamampuh daya tangkep pangregep tapi oge ulah babari teuing pikeun daya intelektual pangregepna, lian ti eta oge kudu bisa ngirut boh anu biantarana boh nu ngadangukeunana
b. Nganalisis pangregep jeung situasi
c. Nyusun materi atawa bahan biantara sarta dina nyusun bahan pikeun biantara bisa dilakukeun ngaliwatan tilu tahap diantarana;ngumpulkeun bahan, nyieun rangkay karangan jeung ngadadarkeun materi kalawan detil.
d. Ngayakeun latihan Oral.

Komentar